Seug ngajirim angin
rēk ngaharēwos halon. Ngaharēwos
Sangkan sakur nu ngarasa
Ngadēngē sono moho diri
Sangkan sakur nu rumasa
Mireng dumugi diri
Seug ngajirim cai,
rēk ngamalir leuleuy. Ngamalir.
Sangkan sakur nu hareudang
Bisa teuleum dina nyecepna hawa
Sangkan sakur nu hana’ang
Bisa seger nguyup tiis
Seug ngajirim seuneu
rēk ngahuru panas. Ngahuru.
Sangkan sakur nu meungkeut
Kaduruk leupas tina raga
Sangkan sakur nu hangru
Kaambeu seungit beuleum menyan
Jeung seug ngajirim taneuh
rēk ngeukeupan dunya
Sangkan sakur nu rumasa
Teu boga deui rasa rumasa
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar