Jumat, 20 Januari 2012

Pamēran Katunggaraan di Nagara Dokumēntasi

Sabada lalajo Tonggērēt Banēn
inget ka Aki ‘nu perlaya dina seuseukeut gobang

1)
lalajo pamēran katunggaraan di nagara dokumēntasi
lawon hideung dipiguraan
handapeun ngajeblag aksara
“Cimata ‘nu jadi Indung : Indonēsia”

Diteuteup. Diimeutan.
bet aya ‘nu ngalangkang

2)
mangpirang lalaki teu dagingan
digarawē dina mēmēncos pēlor
congo pēstol soldadu sipit
romusha
awēwēawēwē digadabah
teu budak teu kolot dirurujit

3)
antayan ‘nu ngantri bēas
tungkul ‘na tungtung curuk
dirurusuh ku kabutuh
ditarajang ku kahayang

kalaparan di nagri ‘nu beunghar pepelakan
bugang patulayah teu kapulasara

4)
lawonlawon mangpirang pulas
ngēlēbētkeun seuneu kasarakahan
mangka pegat duduluran
mangka runtag babarayaan
alatan ngabēla warna jeung gambar
cenah demi rahayat

5)
mēja hējo heurin ku tumpukan keretas
korupsi
    rajapati
        udar pasini
tēlēvisi teu eureun nepikeun bēja
‘nu pikasieuneun
pikanyerieun
pikakeuheuleun
            pikaseurieun
pagalo ‘na kongkolak panon

6)
kalangkang leungit
ngajanggēlēk lawon hideung ‘nu bieu
teu kaharti
bet jadi hayang meuli
hanjakal kapiheulaan ku Paman Sam
bari hargana teu sabaraha

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan