Gunung-gunung gē rumengkuh, jungjunan: Kasuari
Dina wening cinta urang
Bēntang-bēntang nganggit dangding
Kasajatian cinta urang
Kapan jangji urang mah pinasti, jungjunan
Teu kawas dongēngēk atawa tarucing
Hatē urang sahiji
Sauyunan napakan wanci
Cinta urang, jungjunan
Galura jaladri di Manalusu
Nu bodas. Paul. Motah. Marudah.
Mēga katiga luhureun Guntur
Nu bodas. Paul. Ngaleut. Ngalayang.
Cinta urang, jungjunan
Dangding wening saendeng-endeng.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar