sapotong leutik impian
nu kuduna kasorang
baheula mangsa keur lalagasan
basa salasaurang ti urang
neuteup anteb teu ngiceup-ngiceup
nanggeuy gado na biwir panggung
atawa lumpat ka pakarangan Rumentang
mangsa salasaurang ti urang
ngudag bari rēnghap ranjug
sapotong leutik impian
nu kuduna kalakon, basa urang ngalalakon
meungkeut pasini ku sindir sampir
mangsa urang mangkat dēwasa
tuluy indit ka pangumbaraan
sapotong leutik tunggara urang,
Bancang pakēwuh datang
Loba teuing urang kaleungitan
Kuring kaleungitan anjeun
Anjeun nganti-nganti nu teu pasti
Poē ieu hayu urang ngaguar tineung, lamunkeun
Jeung pupus kokotor alatan papeuntas hatē
Urang rēken langit kungsi nyaksēni
Aya kagumbiraan antara urang baheula
basa leumpang bareng nēangan ēs gurat
sapanjang jalan Baranangsiang
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar