Sabtu, 21 Januari 2012

Hēnpon

Isuk kēnēh nepi ka lembur tēh. Asa aya nu bēda. Hawana teu seger jiga baheula. Kebon jeung sawah sisi jalan laleungit kagiridig ku pirang wangunan anyar. Tower sēlular lir nu paluhur-luhur, minuhan lembur.

Palebah gang, panon eunteup dina hēnpon nu ngagolēr sisi jalan. Hēnpon kaluaran anyar. Teuing nu saha. “Ah, engkē gē nu bogana bakal nelepon,” cēk hatē.

Di buruan simpē. Panto hareup teu dikonci. Hawar-hawar kapireng nu hahariringan awor jeung sora cai. Sono teu kaampeuh. Gancang muru panto kamar mandi. Diketrok. Kulutrak. “Akang ?”, aya reuwas aya atoh, ngalangkang dina beungeutna. Gabrug. Silih rangkul. Silih rungrum. Silih galēntor. Silih cacapkeun kasono.

“Meni teu ngawartosan badē mulih tēh ?”, cenah bari makē deui kimonona. Lēos ka kamar cai, ninggalkeun kuring nu keur ngumpulkeun sēsa kasono.

Tililit. Tililit. Hēnpon pamanggih disada. Gancang diangkat. “Kang, tos di bumi ?”, sora pamajikan. “teu tepang sareng pun lanceuk tadi di gang ?”.

Dēsēmber 2011

Masjid Al Amman : Reueus ku Pulisi

Poē Senēn, 19 Dēsēmber 2011, milu reureuh di Masjid Al Amman Polda Jabar. Subhanallah, uink reueus ku aparat pulisi nu aya di dinya. Adzan Lohor can ngaweuhan, masjid nu sakitu ublug ablagna, geus pinuh ku nu marakē saragam, nu rēk nedunan panggentra Gusti Allah. Malah sabada uink rēngsē shalat lohor berjamaah, di luar masih kēnēh pating kurunyung nu rēk ngadon sujud.

Gusti ... mugi hatē jeung katiginan maranēhna salawasna dicaangan ku cahya kaimanan ka Salira. Amien.

Dēsēmber 2011

Seuneu Sondang

Seuneu nu ngabebela jeroeun dada, ngahuru wawanēn anjeun. Dangah. Leumpang gagah. Ngabar-ngabar kateuneung. “Pēlor mana nu rēk nyayang na awak kami ?”, harēwos anjeun ngalanglaung. Mapag congo bedil. “Kami moal loba pamēnta. Ukur mēnta ceuli jeung hatē aranjeun. Nu beresih tina arsēnik. Gantina kop tah mērē bakakak awak kami”, ceuk anjeun bari ngagedurkeun seuneu jero dada. Dada anjeun hurung. Tonggong. Leungeun. Suku. Sirah. Saawak-awak hurung. Anjeun geus masrahkeun wadal, bari ceuli jeung hatē nu dipēnta teu kungsi dibikeun.

Kembang Buruan

Budak lalaki. Hiji-hijina. Keur meujeuhna kembang buruan.
“Kasēp, ulah lulumpatan baē atuh, bilih geubis kēh ...”, kanyaah indung budak ngalangkang dina ungkara hariwang. Abong budak, can ngarti kahariwang indung. Jongjon baē silih udag jeung baturna.

Gedebut. Budak labuh. Tuurna getihan. Diburu ku indungna. Tatuna diberesihan. Diubaran. Budak gogoakan. Abong budak, rēngsē diubaran belenyeng baē lumpat deui. Ulin jeung baturna.
“Kasēp ... teu aya kakapok sakitu tos geubis tēh ...”, indung budak keukeuh hariwang.
“Da saur Abah gē ulah kapok ... tapi kedah ati-ati ngarah teu geubis deui ...”, walon budak. Indungna mureleng ka kuring.

Uing Lain Nu Gēlo

Gedong tēh teuing ku sigrong. Jangkung. Puncerna mēh nyundul langit. Di dinya manēhna ngabedega. Melong ka jauhna. Guligah. Ngemu amarah. Ngarasa teu ngeunah ku anggapan batur. Dunungan jeung batur sapagawēan, teu percaya kana panimuna. Malah teu saeutik nu nganggap manēhna gēlo. Padahal manēhna ngulik ēta timuan lain dina waktu sakeudeung.
Ngageder angenna. Reup peureum. Jleng. Manēhna luncat. Kolēang. Awakna meulah angin. Bray. Manēhna muka leungeun jeung suku. Kalayang. Awakna kabawa angin. Aya nu mēbēr dina leungeun jeung sukuna. Nyah. Beunta. Nyēh. Manēhna imut bangun nu nikmat. Awakna kakalayangan. Nutur-nutur kahayangna. “Uing Lain Nu Gēloooooooo.....”, manēhna ceuceuleuweungan bari hiber ngideran kota.

Tulisan Petingan