Selasa, 24 Januari 2012

Agustusan

1/
Milangkala nagara urang
dibagēakeun ku ranggeuyan malati jeung seuseukeut balati
nu ngabarak sapanjang jalan ka pajaratan

2/
Aya anjing paungku-ungku jeung ucing
nyeungceurikan bugang bagong
nu palastra na tungtung kasarakahan beurit

3/
Aya abringan bedil nu burial buncelik
ngudag-ngudag dalang rajapati
atawa tukang korupsi
nu nyamuni jero lomari,
satukangeun jas dokter
atawa ngencar ka peuntas nagri.

4/
Aya aweuhan bangingik rampak ceurik
Alatan peujit murilit, alatan teu bisa nyiar duit,
alatan teu boga ijasah, alatan taya waragad sakola
alatan indung bapana sangsara

5/
Aya tukang korupsi nu sukaseuri
da tērēh ngencar ti bui
da meunang rēmisi najan bari teu kaharti
da ka nu maling sapi mah geuning teu nepi

6/
Aya nu ragēg silih sēgag
parebut hancengan jadi malēkat
pikeun nyalametkeun belis nu kacerek aparat
sawarēh naker tanaga ngagogogan aparat

7/
Milangkala nagara urang
diramēkeun ku pangagung nu silih suntrung,
silih tundung bari paciwit-ciwit lutung

8/
Milangkala nagara urang,
milang sēsa rēnghap nu nyelap dina unggal rēngkak.

Garut Agustus 2010-2011

Karumasa

1/
        : Sungsian…..!

Uing teu keur nyieun pitapak
Satemenna
Ieu uing
Purnama nu tuna cahaya
Geus ngiwat kalangkang giwangkara
Sangkan peuting teu hideung teuing
Jeung sulintang  boga batur keueung
Jeung walungan teu leungiteun kamalir
Jeung anjeun laksana ngarampa karadak
Hirup uing.

2/
        : Kasuari

Anjeun nu teu welēh cangcaya
Teu bisa majar kumaha
Tētēla cinta leuwih bedas batan curiga
Geuning ayeuna anjeun geus jeneng indung
Najan uing can sampurna jadi bapa


2007 - 2008

Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011, jeung 

Rohang Sajak Radar Tasikmalaya, Minggu, 3 April 2011

Lalajo Longsēr

Nepangkeun abdi pun garong
Bēgal bengal ti leuweung gerot
Kumis baplang sanggadulang
beungeut barangasan sahaok kadua gaplok
Tukang bobok tukang tarok tukang nyingsatkeun anderok
   
nu lalajo keprok. Kagugu ku polah garong

abdi pulisi tukang nēwak garong
boga bedil boga pēstol
mun beunang tangtu garong diborogod
apan abdi panyalindungan somah

nu lalajo rajeg narangtung malēdogan panggung

Eu … abdi minangka kokolot lembur
Purah metakeun kahayang somah
Dipikolot balarēa. Dihurmat. Diajēnan.
Abdi …

nu lalajo bubar baralik bari kukulutus
longsēr bedo Ki Panjak calawak


Garut, 2004

Dimuat dina Majalah Kandaga No.03 /Thn.I/Agustus 2009

Leungiteun

Saleuwi hariring
Prang pring
Garing

Saēmpang sajak
Nonggērak
Bēak

Hariring dangding wening
Leungit dipaling bajing
Sajaksajak rampak
Lēnang diacak gagak


Garut, 1 Juli 2004

Dimuat dina Majalah Kandaga No.03 /Thn.I/Agustus 2009

Ngadagoan

Purnama ngeunteung ‘na kaca jandēla
Awēwē tengah tuwuh neuteup
Anteb luhureun risbang.
Suni.
Hawar-hawar sora anjing ngagogog,
Teuing ngagebah naon.

Jarum jam karēk usik salēngkah
Basa Bagimu Negeri ngagalindeng.
Awēwē tengah tuwuh mareuman televisi
Remote control dina leungeun kēnca
Lampu lima welas watt geus lila pareum.

Awēwē tengah tuwuh luhureun risbang
Panon na seukeut mubus mongklēng
Neuteup purnama ‘na kaca jandēla
Sakapeung ngalieuk ka panto hareup.
Nulak.
‘nu keketrok teu singna datang.
Telepon di juru kamar geus tibra
Ti sorē mula.

Awēwē tengah  tuwuh luhureun risbang
Panon buleud mimiti ceuleuyeu
Sakapeung ngarēnjag reuwas.
Beunta.
Ngeleyep deui.

Jarum jam eunteup ‘na angka opat
Basa awēwē tengah tuwuh
Ngulahēk, ngalemprēh luhureun risbang
Aya imut dina rarayna ‘nu marudah.


Garut, 2003

Dimuat dina Majalah Kandaga No.03 /Thn.I/Agustus 2009

Tulisan Petingan